السلام عليكم و رحمة الله و
بركاته
Alhamdulilah kali
ini saya mulai buka blog lagi, dan kali ini saya akan posting mengenai sebuah
Nadzom yang mudah mudahan bermanfaat.
NADZOMAN
SYAHADATAIN
Syahadat dua bagian
Kahiji syahadat syar’an
Kadua syahadat munjin
Kade kudu telik pisan
----------------------------------------
Ta’rifna syahadat syar’an
Bisa disebut mu’minin
Mungguh hukum kadunyaan
Kaya halal peupeuncitan
---------------------------------------
Halal ditikahkeun nana
Kajalma anu islamna
Jeung halal nampa warisna
Tijalma anu islamna
---------------------------------------
Ari mungguhing allohna
Jeung mungguhing aheratna
Kudu terus jeung munjinna
Engke penjelasannana
------------------------------------------
Kangjeng nabi tosnyaurkeun
Anjeun kudu ngahukuman
Ku dzohirna caritaan
Jeung dzohirna kalakuan
-------------------------------------------
Jeung te kudu ngahukuman
Nu dina hate di simpen
Da taya nu uningaeun
Salian ti dzat pangeran
--------------------------------------------
Lamun dzohir kakaluan
Atawa dzohir ucapan
Aya anu ngabatalkeun
Nu disebut pamurtadan
------------------------------------------
Batal syahadat
syar’anna
Sanajan
ngucapkeun nana
Kana keucap
syahadatna
Laku ucap nu
murtadna
-----------------------------------------------
Kaya asup ka gareja
Dibarengan kungahaja
Atawa nyembah berhala
Kaya patung nu baheula
-----------------------------------------------
Ta’ripna syahadat munjin
Eta jalma nu ngucapkeun
Kalimah syahadattaen
Dibarengan patekadan
-----------------------------------------------
Teqad anu ma’rifatna
Jeung teqad anu tashdiqna
Netepan kana syaratna
Ma’rifat reujung tashdiqna
-----------------------------------------------
Ari syarat ma’rifatna
Kudu kumpul nu opatna
Ka hiji teqad jazimna
Patekadan nuyakqina
-----------------------------------------------
Lain teqad nuraguna
Atawa dugaannana
Anu teuaya mangmangna
Tapi gilig jeung yaqina
-----------------------------------------------
Ari syarat kaduana
Teu keuna owah gingsirna
Moal barobah teqadna
Hingga dugi kamaotna
-----------------------------------------------
Lamu nekadkeun ayeuna
Sabot usum jeung baturna
Jagamah kumaha engke
Mungkin tekad rek robahna
-----------------------------------------------
Kafirmateh tiayeuna
Da arek owah gingsirna
Hentu jadi ma’rifatna
Mungguhing gusti allohna
-----------------------------------------------
Syarat anu katiluna
Anu diteqadkeunnana
Kudu akur jeung buktina
Hentu nyalahan sifatna
-----------------------------------------------
Sifat ceuk ahli sunahna
Nu aya qur’an hadisna
Teu salahmeutakeun nanan
Akur reujeung akoidna
-----------------------------------------------
Margi kutu di wajibkeun
Nu haying syahadat munjin
Nyaho kana aqo’id iman
Bisi jeung aqo’id nyalahan
-----------------------------------------------
Lamun jazim jeung teqadna
Yen alloh pangeran nana
Yen muhamad teh rosulna
Ngan teu akur jeung buktina
-----------------------------------------------
Alloh nunyrupna badan
Bumi langit panyurupan
Didinya alloh nyicingan
Atawa na dihijikeun
-----------------------------------------------
Eta tekad nyulayaan
Reujeung buktina pangeran
Da alloh henteu butuheun
Kana tempat pangancikan
-----------------------------------------------
Nu kitu salah teqadna
Henteu akur jeung buktina
Hentu shah iman islamna
Mungguhing gusti allohna
-----------------------------------------------
Syarat anu kaopna
Kudu terang kana dalilna
Anu teu teurang dalilna
Eta teu sah ma’rifatna
-----------------------------------------------
Ari ceuk ibnu ‘arobiy
Jeung pendapat syeh sanusi
Anapon ceuk syeh dasuki
Taya dalil ma’rifat jadi
-----------------------------------------------
Dalil kadar kawajiban
Lain syarat kama’rifatan
Pikeun jalama nu kadugaeun
Kana dalilna mikirkeun
-----------------------------------------------
Kadua syahadat
munjin
Kudu tashdiq nu
ngucapkeun
Tashdiq aya dua
rukun
Kahiji rukun idz
dzi’an
-----------------------------------------------
Idz dzi’an eta
ngakukeun
Ka alloh kuring
mangeranan
Ku muhamad di
nabian
Muhamad teh rosul
kuring
-----------------------------------------------
Rukun tashdiq
kaduana
Nyaeta kudu
qobulna
Narima ajaran
nana
Ti alloh
jeung ti rosulna
-----------------------------------------------
Mun can bisa
ngalakonan
Tapi hatemah
nampanan
Rumaos
kaleuleupatan
Eta kobul syahna
iman
-----------------------------------------------
Terimakasih atas
kunjungannya, jangan lupa untuk berkomentar .
والسلام
عليكم و رحمة الله و بركاته
Alhamdulillah dapat pencerahan ingat guru cianjur
BalasHapusKangen mondok :(
BalasHapusKangen mondok :(
BalasHapusKangen mondok di pesantren mifhood 😔
BalasHapusKurang lengkap lirik na kang
BalasHapusNuhun kang, diantos dzom sanesna
BalasHapusNuju milarian Nadhom ieu aripek mendak didieu ... Nuhun ah ...
BalasHapusInget waktu ngaos baheula duh
BalasHapus😍😍
BalasHapusLain saukur bacaeun, gaweaneun.
BalasHapusHatur terimakasih izin coopy buat dibagi ke ibu ibu pengajian
BalasHapusSae pisan..
BalasHapusLajengkeun terus...
nuhun
BalasHapusHatur nuhun kang sae pisan
BalasHapusLajeng nu senesn na
hatur nuhun kang
BalasHapusSok emut nju ngaos ayeuna mah jadi hanjakal teu ngaji sing bener bener.,karasa bodona ku elmu agama teh ayeuna.
BalasHapusThoriqoh sesungguhnya dlm praktek kehidupan
BalasHapusHATUR NUHUN PISAN
BalasHapusIjin save kang hatur nuhun
BalasHapus